sulis

Senin, 06 Desember 2010

Tukang Obat - Nyeri Sirah



Sebut wae ngarana Mang Ihin, tukang obat keliling, nu sok mangkal di hareupeun kantor pos. Jam dalapan manehna geus ngampar, manehna teh spesialisasina kana obat nyeri sirah tradisional, bari terus gogorowokan sangkan nu liwat katarik ku obat nyeri sirah "made in" manehna.

Mang Ihin terus noroweco, "Bapa-bapa, ibu-ibu, sareng saderek sadaya, mangga cobian ieu obat, dupi obat nu didagangkeun ku sim kuring taya lian ti obat nyeri sirah, obat nu cespleng.

Upami Bapa atawa ibu katerap panyawat nyeri sirah, cobian nuang ieu obat, moal samenit-menit acan eta panyawat nyeri sirah bakal ical, ieu memang terbukti obat nyeri sirah paling cespleng," cek Mang Ihin teu siriknya nepi ka gogorowokan, ampir-ampiran beakeun sora.

Tapi saurang oge teu aya nu mirosea, nu liwat ukur ngareret wungkul. Malah nu liwat kalah katarik ku atraksi tukang obat kulit nu maenkeun oray kobra.

Geus leuwih ti tilu jam meureun Mang Ihin gogorowokan teh. Geus kasawang ku manehna moal aya jalma nu ngabandungan omongan manehna, Mang Ihin terus meresan daganganana. Memeh balik, manehna nyampeurkeun tukang dagang nu ngadon dagang di jero kios sisi jalan.

"Peryogi naon Mang?", Ceuk nu dagang tina jero kios.

Mang Ihin, "Cik Jang, sugan aya procold, meser dua mah. Puguh rada nyeri sirah Emang teh, dagang ti isuk teu aya nu ngareret-reret acan" Ceuk Mang Ihin bari ngasongkeun duit lima rebuan salambar.

TKI di Arab Saudi



kacaritakeun dihiji lembur aya hiji pamuda nu kakara balik jadi TKI di arab saudi, kabejakeun si eta pamuda teh mawa babawaan loba pisan keur oleh-oleh jang pamajikana dilembur, tayohna mah eta beja teh kadengeeun ku bangsat anu geus biasa ngaranjah eta lembur, panjang carita eta bangsat teh geus siap-siap erek ngajorag imah TKI tea engke peuting.

kacaritakeun eta bangsat teh geus ngadakom dina kenteng nunguan nu boga imah sare, sanggeus lila di tungguan nu boga imah teh can sare wae kadon hayeuh ngobrol terus sosonoan dapuguh geus lila tea teu panggih.

sibangsat geus teu kuat cangkeuleun nungguan bari ngadedengekeun nuboga imah, bari pok salakina ngomong ka pajikan na salakina: euh nyi meni liket asa ketan kieu. ceuk salakina...

pamajikan na seuri bari ngarangul... ngadenge kitu sibangsat anu geus lila nungguan beuki keuheul wae atuh, jrut manehna turun tina suhunan bari pok ngomong "oncoman we sakalian ajig....bari dirigdig lumpat si bangsat teh. teu kosi lila eta bangsat teh balik deui bari " jedak...najong bilik manehna ngomong deui dasar ulen siah... dirigdig deui we eta sibangsat teh lumpat

Film-Film Hollywood Versi Bahasa Sunda

a. Saving Private Ryan - Nulungan si Rian

b. Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog di Pager

c. Die Hard - Teu Paeh-Paeh

d. Die Hard II - Can Paeh Keneh

e. Die Hard III With A Vengeance - Nya’an euy Hese Pisan Paehna

f. Bad Boys – budag bedegong

g. Rocky - Osok Neunggeulan Batur

h. Rain Man - Lalaki Cicing di Bogor

i. Here’s Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon?

j. Mission Impossible - Moal Bisa

k. Titanic - Tilelep

l. Paycheck - Nganjuk Heula

m. Reign of Fire - Beubeuleuman

n. Original Sin - Tara Ka Mesjid

o. Sleepless In Seattle - Cenghar Di Ciateul

p. Silence of The Lambs - Embe Pundung

q. Ghost - Jurig Kasep

r. Bad Boys - Budak Baong

s. Are We There Yet? - Lila Teuing Nepina Euy?

t. Home Alone - Tinggaleun

u. Casablanca - Mengkol Ti Sudirman

v. Gone In Sixty Seconds - Indit Siah Kaditu!

w. The Awakening - Hudang Sare

x. After The Sunset - Tereh Maghrib

Maling Hayam Jeung Panganten



Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah istilahna teh.

Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto kandang ngadenge aya sora awewe "kang....tos dibuka......", simaling ngagerendeng na hatena "duh! nyahoeun aing muka panto", simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe "duh kang tos lebet nya !!!" sorana rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena "haram jadah! nyahoeun aing rek maling hayam !", padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih pangantenan.

Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pokna teh "kang siga nu wengi nya!". maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng ngageubeug hatena, rey...... beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tipoporose sieun ditewak, hatena baceo "duh bener-bener nyahoeun ka aing". padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu boga salakina.

Angkot Jeung Ojeg



Di hiji jalan aya angkot jeung ojeg silih siap.
Duanana katinggali pada-pada napsu hayang nyusul.
Nepi ka hiji pengkolan duanana eureun sakaligus.
Supir angkot kaluar tina mobilna, bari langsung sosorongot ka tukang ojeg,
"Kunaon sia ngudag-ngudag aing?"
"Ari sia, kunaon ngudag-ngudag aing oge?", jawab tukang ojeg.
"Aing mah diudag pulisi", ceuk supir angkot.
"Aing oge," jawab tukang ojeg.

kang tito utah di bus

Kang Tito urang Kuningan rek ka Bandung, sabab tara naek mobil maklum urang desa
dina mobil bes pinuh ku panumpang, manehna teu kuat hayang UTAH ,neangan keresek teu mawa, untung manehna make kopeah, kang tito luak liek eweh nu nempoen, pikirna borolo-borolo utah kana kopeah tuluy di tutupan ku saputangan saenggesna utahmah manehna sare tibra naker.

CAHEM HABIS CAHEM HABIS CEUK KENEKTUR kang tito rewas tuluy kopeah di pake atuh utah na rambay kana sirahna sekian karunya Kang Tito.

Mihape Kuda



Kusir : "Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."
Budak : "Ah alim, sieun nyongot."
Kusir : "Moal, da ieu mah kudana oge bageur."
Budak : "Sieun nyepak atuh."
Kusir : "Tara deuih. Kuda bageur."
Budak : "Moal ah, sieun kabur."
Kusir : "Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur."
Budak : "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?"